Rabu, 17 Februari 2010

Pamustunganana Panungtungan

Padungdengan ngeunaan Sekar Anyar dina Pasanggiri Tembang Sunda DAMAS anu ka-19 tea, dinyatana ngajurung DAMAS pikeun netepkeun “SIKEP” anu tandes sakumaha anu kaunggul di handap.
Upama nilik kana tangtunganana, kawasna ieu sikep teh perlu diimeutan, pangpangna bisi mangrupa conto bongbolongan pikeun sakumna Urang Sunda, sabab DAMAS teh kapan ngagem ngaran “SUNDA”, sekeseler nu panghareupna malahan mah, “intelektual” kareueus balarea. Nyaeta, yen upama urang manggihan dulur nu mibanda pamadegan nu teu luyu jeung pamadegan urang, tong teuing dipikiran, geuwat pegatkeun silaturahmi. Ari anu jadi sabab, lengkah urang kudu salawasna aya dina pangawasa urang sorangan, ulah kacampuran ku pangaruh ti sisi ti gigir. Leuwih hade hirup nyorangan batan rea batur tapi mawa balukar rea panyerewedan lantaran teu nyaluyuan lengkah urang.
Kitu sugan kacindekanana, abong enya dina Tembang Sunda teh aya rumpaka nu kieu unina : “Kajeun teu wawuh jeung dulur, kajeun anggang jeung baraya, tinimbang henteu laksana, diri abdi ka anjeuna …….. raga iklas bibilasan.”
Salajengna

Minggu, 02 Agustus 2009

Pasanggiri Tembang Sunda "DAMAS" Ka-19


Harita teh poe Ahad tanggal 14 Juni 2009, lantaran diogan, nya datang wae ka Bale Rumawat Universitas Padjadjaran, Jl. Dipati Ukur 35 Bandung pikeun nyaksian Pagelaran “Nyungsi Lagu Pasanggiri” Tembang Sunda Cianjuran anu dina prakna mah magelarkeun lagu-lagu nu disebut Sekar Anyar.
Endah …. kitu cek hate. Tapi ieu teh kapan keur nyaksian Cianjuran, naha bet asa beda ! Haaar ….. ongkoh cenah endah, ongkoh asa beda kumaha atuh ? Heh, ulah kitu, Seni Sunda mah kabeh oge endah, matak ngeunah kana ceuli, matak ngeunah kana panon, matak ngeunah kana hate. Jadi, nu disebut endah teh can tangtu Cianjuran. Heueuh kawas nu eta nu harita dipagelarkeun tea. Cek uing heueuh endah, tapi cek uing keneh eta lain Cianjuran. Ah, sok ka mana karep, kapan sidik make kacapi gelung, make suling ! Tah lebah dieu yeuh pabaliutna teh, sabab dipabaliutkeun. Ulah kitu ! Da teu kudu pabaliut ongkohna ge, kapan Tembang Wawacan oge sok make Kacapi Gelung !
Kumaha atuh ? Antep wae kitu ? His, teu kaci ? Ari Tembang Sunda Cianjuran teh boga saha, cing ? Nya atuh tangtu bogana Urang Sunda ! Heueuh pan aing teh Urang Sunda !
Kapikir, mun ukur galecok dina hate, meureun moal aya tungtungna. Mending urang bejaan bisi batur kajongjonan. Gutrut nulis, tapi bingung kudu dikirim ka saha ? Di mana alamatna ? Kapan aya Prof. DR. Ir. Ganjar Kurnia, DEA , aya Drs. Ubun Kubarsah, aya Drs. H. Iyus Wiradiredja, jeung nu sejenna Tungtungna mah diawurkeun we surat teh di internet, sina ilubiung dina millis Ki Sunda. Kieu tulisan teh.

Assalamu’alaikum ! Kang Ganjar, Kang Ubun, Ceu Euis, Kang Yus, Kang Dian, sarta kum ka para kanca Sekar Anyar sapuratina, Kuring nguping, kuring nyaksi, kuring ngarasa, katresna aranjeun kana Tembang Sunda nyata teu kadongkang ku panyawang, balukarna kuring teu wasa ngukur sakumaha jalugjug-jangkung-luhur jungkiringna kanyaah aranjeun kana Tembang Sunda. Tapi saenyana, kuring oge nyaah kacida kana Tembang Sunda teh, ngan nya kitu mungguhing aranjeun, bisa jadi kanyaah kuring mah, meureun, ngan ukur disebut pipilueun nyaah, tuturuti, nurutan aranjeun. Keun bae ! Mun tea mah aranjeun teh dog dog reog, kuring mah meureun dog dog loyor atawa malah leuwih loyog dog dog pangrewong nu darewol. Keun bae ! Nya ku kituna, mun kuring milu nyarita ngeunaan Tembang Sunda, nya kumaha karep aranjeun, rek dianggap kumaha, kuring narima. Keun bae ! Sekar Anyar, tina CD paparin aranjeun di Bale Rumawat Padjadjaran harita, diputer dina komputer cocooan kuring, sumeleket kana hate, sumarambah kana bayah, ngusapan rasa. Endah ! Endah laguna, endah rumpakana ! Endah piriganana ! Ngan kawantu kuring boga rasa, atuh teu kantun, si rasa milu nyarita : Beda ! Beda garayamna ! Beda karayapna ! Nya atuh puguh, mun nyiruruk tea mah moal nyambung. Leuh, lebar temenan ! Kapan eta kaendahan geus dipibanda, naha bet kudu nyiruruk ? Carek kuring tong teuing hayang ngahiji, da beda wanda, moal bisa nurub cupu ! Angguranan geura bral, geura macakal sorangan, da Cianjuran mah lain kitu ! Ngan tong hayang disebut anyar, da anyar mah ngan sajorelat, sabengbatan ! Leuwih sonagar, mo kurang tegep mun make ngaran SEKAR BANDUNGAN ! Atawa TEMBANG SUNDA BANDUNGAN ! Rek ngayakeun pasanggiri ? Nya atuh kari prung, Pasanggiri Sekar Bandungan ! Atawa Pasanggiri Tembang Sunda Bandungan ! Bandunganeun, bandingkeuneun. Tegeskeun, yen eta teh kabisana Urang Bandung. Ari Cianjuran kumaha ? Hih, eta mah atuh pusaka ! Wajib dipiara. Tanjeurkeun di mana-mana, gederkeun salalawasna ! Barengan ku Sekar Bandungan ! Bandingkeun ! Cag !

Berekah ! Tulisan di luhur teh euweuh nu malire ! Boa enya Urang Sunda mah boga adat merekedeweng kitu ? Ah, henteu, teu teusing kitu. Buktina, tuh Urang Garut, dibejaan kitu teh ngagurubug terus ngamuk ! Saha tea ? Kawas kuring nu ngan ukur boga rasa ? His, lain ! Ieu mah nu bogana, nu apal kana jujutanana, ahli kana elmuna, ahli kana nembangna. Saha tea ? Piraku teu wanoh ka nu jenengan Drs. H. Asep Kosasih, SA !
Belewer, inyana ngalungkeun surat ka Pupuhu sarta rengrengan pangurus DAMAS Puseur di Bandung. Tujuh patalekan murudul ti anjeuna :
1. Dupi Tembang Sunda Cianjuran teh kagungan saha ?
2. Dupi DAMAS anu saha ?
3. Dupi anu kagungan kawajiban miara, ngamumule, ngaraksa, ngariksa kana Tembang Sunda Cianjuran teh saha ?
4. Saha anu wajib miara, ngamumule tur nanggeuy ajen-inajen DAMAS teh ?
5. Dupi ieu pasanggiri DAMAS ka-19 anu baris dilaksanakeun teh aya barempugan heula sareng para tokoh ? (aya Pa Apung, aya Pa Enip, aya Ibu Euis Komariah, aya Pa H. Iyus Wiradiredja, aya Ibu Ida Widawati, sareng anu sanesna) Margi sim kuring teu yakin konsep sapertos kieu hasil barembugan ti sababaraha kamandang.
6. Dupi anu kagungan ieu konsep uningaeun kana enas-enasna Tembang Sunda Cianjuran ? Kapan unggulna Tembang Sunda Cianjuran mah aya nu disebat WANDA, eta wanda nu jadi ciri-mandiri Tembang Sunda Cianjuran, saban wanda mibanda ciri husus anu teu sami antara wanda nu hiji sareng wanda anu sanesna, da upami teu aya bedana mah kanggo naon aya kelompok wanda, kapan eta ciri Tembang Sunda Cianjuran nu hirup mangsa kiwari, da kapan ari dina Tembang Sunda lagam Ciawian, lagam Cigawiran oge lagam Kaleran mah boa aya nu disebat wanda teh.
7. Dupi anu nyusun laguna uningaeun kana wanda-wanda anu tadi kasebat di luhur ?

Bilih palay maos, serat ti pangersa Drs. H. Asep Kosasih SA ka Pupuhu sarta rengrengan Pangurus DAMAS Puseur di Bandung salengkepna aya di dieu

Kamis, 16 Juli 2009

Si Kabayan

Esey R. D. Kustandi

Ngaran Si Kabayan nu kaceluk minangka tokoh dongeng di Tatar Sunda, nepi ka kiwari kapireng teu weleh jadi bahan padungdengan. Rupa-rupa kacindekan pating pucunghul dina wanda nu beda-beda.
Ramena nu padungdengan teh lain ngan saukur dina obrolan di warung cikopi, di terminal angkot, di pos kamling, atawa di pasar kaget, tapi oge dina gempungan para intelek Sunda sadunya, nyaeta Millis Ki Sunda/Urang Sunda di internet. Tapi nyakitu, padungdengan teh ngan saukur padungdeng-dungdeng da tacan kungsi ngahasilkeun kacindekan nu ditarima ku balarea.

Salengkepna

Selasa, 14 Juli 2009

Pusaka Rumpaka Pupuh

Esey Didin Kustandi
(Cupumanik – Juni 2007)

Utamana jalma kudu réa batur
keur silih tulungan
silih titipkeun nya diri
budi akal lantaran ti pada jalma
Mun diitung jumlah kecapna, kawasna bakal karasa teu sapirana, ma’lum ngan saukur tujuh welas. Sapadana, diwangun ku opat padalisan. Guru wilanganana : 12, 6, 8, 12. Guru laguna : u, a, i, a. Eta rumus geus tinangtu ti dituna, nyaéta pikeun nganggit Pupuh Pucung nu watekna jauh tina rasa gumbira.

Salengkepna : klik di dieu

Jujutan Kakulawargaan

Essey R. D. Kustandi
(Cupumanik 71 - Juni 2009)

Saupama pancakaki disebut puseur, sumber, atawa huluwotan, atawa bibit buit kakulawargaan, jujutan kakulawargaan mah mangrupa rambat kamalena. Indung urang jeung indung salaki/pamajikan urang, keur anak urang mah istilahna nini. Bapa urang jeung bapa salaki/pamajikan urang, keur anak urang mah istilahna aki. Lanceuk urang jeung lanceuk pamajikan urang, keur anak urang mah istilahna ua. Adi urang jeung adi salaki/pamajikan urang, keur anak urang mah emang (mun lalaki) atawa bibi (mun awewe). Saterusna nu disebut nini teh aya nini teges, nini ti gigir, jeung nini tere. Nyakitu deui aki. Ari nu disebut alo, adi beuteung, suan jeung sajabana, kumaha jujutanana ? Tah eta nu rek dicaritakeun teh.

Salengkepna : klik di dieu

Senin, 13 Juli 2009

Pancakaki


Essey R. D. Kustandi
(Cupumanik 69 - April 2009)

Mun pareng ngawangkong jeung jalma anyar pinanggih, boh di terminal, di pasar, di kantin, di pagawean, atawa di mana wae, tamba kesel ngadago nu diajam datang bari kabeneran aya jalma nu padeukeut, biasana sok silih ajak ngomong pigeusaneun batur ngawangkong. Mun kabeneran ngawangkongna uplek, biasana wangkongan teh sok kaselapan ku nyaritakeun jujutan kakulawargaan.

Salengkepna : klik di dieu