Minggu, 02 Agustus 2009

Pasanggiri Tembang Sunda "DAMAS" Ka-19


Harita teh poe Ahad tanggal 14 Juni 2009, lantaran diogan, nya datang wae ka Bale Rumawat Universitas Padjadjaran, Jl. Dipati Ukur 35 Bandung pikeun nyaksian Pagelaran “Nyungsi Lagu Pasanggiri” Tembang Sunda Cianjuran anu dina prakna mah magelarkeun lagu-lagu nu disebut Sekar Anyar.
Endah …. kitu cek hate. Tapi ieu teh kapan keur nyaksian Cianjuran, naha bet asa beda ! Haaar ….. ongkoh cenah endah, ongkoh asa beda kumaha atuh ? Heh, ulah kitu, Seni Sunda mah kabeh oge endah, matak ngeunah kana ceuli, matak ngeunah kana panon, matak ngeunah kana hate. Jadi, nu disebut endah teh can tangtu Cianjuran. Heueuh kawas nu eta nu harita dipagelarkeun tea. Cek uing heueuh endah, tapi cek uing keneh eta lain Cianjuran. Ah, sok ka mana karep, kapan sidik make kacapi gelung, make suling ! Tah lebah dieu yeuh pabaliutna teh, sabab dipabaliutkeun. Ulah kitu ! Da teu kudu pabaliut ongkohna ge, kapan Tembang Wawacan oge sok make Kacapi Gelung !
Kumaha atuh ? Antep wae kitu ? His, teu kaci ? Ari Tembang Sunda Cianjuran teh boga saha, cing ? Nya atuh tangtu bogana Urang Sunda ! Heueuh pan aing teh Urang Sunda !
Kapikir, mun ukur galecok dina hate, meureun moal aya tungtungna. Mending urang bejaan bisi batur kajongjonan. Gutrut nulis, tapi bingung kudu dikirim ka saha ? Di mana alamatna ? Kapan aya Prof. DR. Ir. Ganjar Kurnia, DEA , aya Drs. Ubun Kubarsah, aya Drs. H. Iyus Wiradiredja, jeung nu sejenna Tungtungna mah diawurkeun we surat teh di internet, sina ilubiung dina millis Ki Sunda. Kieu tulisan teh.

Assalamu’alaikum ! Kang Ganjar, Kang Ubun, Ceu Euis, Kang Yus, Kang Dian, sarta kum ka para kanca Sekar Anyar sapuratina, Kuring nguping, kuring nyaksi, kuring ngarasa, katresna aranjeun kana Tembang Sunda nyata teu kadongkang ku panyawang, balukarna kuring teu wasa ngukur sakumaha jalugjug-jangkung-luhur jungkiringna kanyaah aranjeun kana Tembang Sunda. Tapi saenyana, kuring oge nyaah kacida kana Tembang Sunda teh, ngan nya kitu mungguhing aranjeun, bisa jadi kanyaah kuring mah, meureun, ngan ukur disebut pipilueun nyaah, tuturuti, nurutan aranjeun. Keun bae ! Mun tea mah aranjeun teh dog dog reog, kuring mah meureun dog dog loyor atawa malah leuwih loyog dog dog pangrewong nu darewol. Keun bae ! Nya ku kituna, mun kuring milu nyarita ngeunaan Tembang Sunda, nya kumaha karep aranjeun, rek dianggap kumaha, kuring narima. Keun bae ! Sekar Anyar, tina CD paparin aranjeun di Bale Rumawat Padjadjaran harita, diputer dina komputer cocooan kuring, sumeleket kana hate, sumarambah kana bayah, ngusapan rasa. Endah ! Endah laguna, endah rumpakana ! Endah piriganana ! Ngan kawantu kuring boga rasa, atuh teu kantun, si rasa milu nyarita : Beda ! Beda garayamna ! Beda karayapna ! Nya atuh puguh, mun nyiruruk tea mah moal nyambung. Leuh, lebar temenan ! Kapan eta kaendahan geus dipibanda, naha bet kudu nyiruruk ? Carek kuring tong teuing hayang ngahiji, da beda wanda, moal bisa nurub cupu ! Angguranan geura bral, geura macakal sorangan, da Cianjuran mah lain kitu ! Ngan tong hayang disebut anyar, da anyar mah ngan sajorelat, sabengbatan ! Leuwih sonagar, mo kurang tegep mun make ngaran SEKAR BANDUNGAN ! Atawa TEMBANG SUNDA BANDUNGAN ! Rek ngayakeun pasanggiri ? Nya atuh kari prung, Pasanggiri Sekar Bandungan ! Atawa Pasanggiri Tembang Sunda Bandungan ! Bandunganeun, bandingkeuneun. Tegeskeun, yen eta teh kabisana Urang Bandung. Ari Cianjuran kumaha ? Hih, eta mah atuh pusaka ! Wajib dipiara. Tanjeurkeun di mana-mana, gederkeun salalawasna ! Barengan ku Sekar Bandungan ! Bandingkeun ! Cag !

Berekah ! Tulisan di luhur teh euweuh nu malire ! Boa enya Urang Sunda mah boga adat merekedeweng kitu ? Ah, henteu, teu teusing kitu. Buktina, tuh Urang Garut, dibejaan kitu teh ngagurubug terus ngamuk ! Saha tea ? Kawas kuring nu ngan ukur boga rasa ? His, lain ! Ieu mah nu bogana, nu apal kana jujutanana, ahli kana elmuna, ahli kana nembangna. Saha tea ? Piraku teu wanoh ka nu jenengan Drs. H. Asep Kosasih, SA !
Belewer, inyana ngalungkeun surat ka Pupuhu sarta rengrengan pangurus DAMAS Puseur di Bandung. Tujuh patalekan murudul ti anjeuna :
1. Dupi Tembang Sunda Cianjuran teh kagungan saha ?
2. Dupi DAMAS anu saha ?
3. Dupi anu kagungan kawajiban miara, ngamumule, ngaraksa, ngariksa kana Tembang Sunda Cianjuran teh saha ?
4. Saha anu wajib miara, ngamumule tur nanggeuy ajen-inajen DAMAS teh ?
5. Dupi ieu pasanggiri DAMAS ka-19 anu baris dilaksanakeun teh aya barempugan heula sareng para tokoh ? (aya Pa Apung, aya Pa Enip, aya Ibu Euis Komariah, aya Pa H. Iyus Wiradiredja, aya Ibu Ida Widawati, sareng anu sanesna) Margi sim kuring teu yakin konsep sapertos kieu hasil barembugan ti sababaraha kamandang.
6. Dupi anu kagungan ieu konsep uningaeun kana enas-enasna Tembang Sunda Cianjuran ? Kapan unggulna Tembang Sunda Cianjuran mah aya nu disebat WANDA, eta wanda nu jadi ciri-mandiri Tembang Sunda Cianjuran, saban wanda mibanda ciri husus anu teu sami antara wanda nu hiji sareng wanda anu sanesna, da upami teu aya bedana mah kanggo naon aya kelompok wanda, kapan eta ciri Tembang Sunda Cianjuran nu hirup mangsa kiwari, da kapan ari dina Tembang Sunda lagam Ciawian, lagam Cigawiran oge lagam Kaleran mah boa aya nu disebat wanda teh.
7. Dupi anu nyusun laguna uningaeun kana wanda-wanda anu tadi kasebat di luhur ?

Bilih palay maos, serat ti pangersa Drs. H. Asep Kosasih SA ka Pupuhu sarta rengrengan Pangurus DAMAS Puseur di Bandung salengkepna aya di dieu

Tidak ada komentar: